Kamis, 10 Februari 2011

Dongeng Sunda Buhun "KUDA"


KUDA
Jaman baheula beh ditueun baheula, waktu sasatoan barisa keneh ngomong cara jelema, di hiji leuweung aya hiji sato gede. Eta sato ngadenge beja, yen di dunya aya manusa sarta pinter pisan akalna. Eta sato hayangeun nyaho, kumaha rupana manusa teh, jung hayang nyaho kapinteranna.
Tuluy eta sato gode teh kaluar ti leuweung, maksudna rek neangan manusa tea. Di jalan papanggih jeung jalma tiluan. Eta sato the nanya, “Rek kamana maraneh araya didieu?” “Rek ngala suluh ka leuweung.” Tembal nu saurang. “Ari maneh rek kamana?” “Kieu, bejana di ieu dunya the aya nu disebut manusa,pinter jeung rea akalna. Kaula hayang nyaho rupana, jeung kaula hayang nyoba kapinteranna. Sugan andika nyaraho, di mana ayna eta manusa teh?”
“Puguh bae nyaho mah, ngan tempatna jauh ti dieu. Tuh, di ditu.”
“Naha maraneh bisa nganteur kaula, kusabab kaula hayang pisan papanggih jeung nu disebut manusa teh?”
“Bisa ngan kaula teu kuat leumpangna, sabab kacida jauhna.”
“Gampang, lamun maraneh teu kuat leumpang mah, tarumpak wae dina tonggong kaula. Gede tanaga kaula mah.”  “Ah embung, tumpak dina tonggong maneh tiluan mah, sieun aya nu ragrag mun engke maneh lumpat. Kieu bae ayeuna mah, ku lantaran geus burit, sanajang dianteur oge ku kaula tiluan, moal bisa nepi beurang keneh ka ditu, da kacida jauhna teh. Kumaha lamun isuk bae isuk-isuk jeung kaula rek mikir-mikir heula, supaya bisa kabawa tiluanana?”
Tuluy eta sato teh balik ka tempatna di leuweung. Nya kitu deui jalma nu tiluan tea baralik ka lemburna. Sadatangna ka lembur, jalma anu tiluan teh badami, kumaha akalna supaya bisa tumpak eta sato bareng tiluan. Ceuk nu saurang, “Urang nyieun padati leutik bae, kai loba. Keun manehna sina narik, urang tiluan nu tarumpakna!”
Tuluy eta jalma anu tiluan teh sapeupeuting nyieun padati leutik, kira asdup tiluanneun. Isukna, isuk-isuk sato gede teh geus papanggih deui jeung jalma anu tiluan. Ceuk jalma anu saurang, “Tah ieu pedati tarik ku maneh, kaula tiluan nu tarumpakna!”
“Kumaha kaula narikna da teu boga leungeun?”
“Gampang hulu (sungut) maneh bae ditalian (di kandalian), talina di cekel ku kaula, bisi maneh tarik teuing lumpat ku kaula bisa ditahan. Jeung dada maneh ditalian kana ieu pedati (make lestreng), supaya ieu pedati katarik,” ceuk nu saurang teh.
“Ari eta naon?” ceuk eta sato bari nunjuk ka gadona.
“Ieu ngarana pecut. Bisi maneh lumopatna kendor, ku ieu pecut bisa gancang deui.”
Sangges sagalana beres, tuluy elesna dicekel kunu saurang. “Cetter… eta sato dipecut, belenyeng lumpat tarik pisa. Barang geus jauh, sato teh eureun, nanyakeun, “Jauh keneh tempat manusa the?”
Ditembal ku jalma nu saurang, “Geus deukeut, Tuh beh ditu!”
Belenyeng deui eta sato lumpat.
Barang geus kacida capeeunnana, sato teh eureun deui, nanyakeun, “Dimana ayana manusa teh, sabab kaula geus kacida capena?”
Jalma nu tiluan teh tarurun tina pedati. Ceuk nu saurang, “Saenyana, ieu kaula tiluannana nu disebut jalma teh. Ayeuna maneh rek kumaha?” “Rupa manusa ayeuna manek geus nyaho, akal jeung kapinterannana geus bukti, nepi ka maneh bisa mawa kaula tiluan nu sakitu jauhna, ditarik ku maneh dina ieu pedati menang nyieun manusa.”
Jawab eta sato, “Bener, manusa teh pinter rea akalna. Ayeuna kaula taluk ka manusa. Jeung kaula rek menta ngaran ka andika, sabab kaula tacan boga ngaran.”
Ceuk jalma anu pangpinterna, “Ayeuna maneh ku kaula dingaranan KUDA, sabab waktu maneh rek lumpat narik padati tadi, ku kaula katenjo kuku suku maneh nguKUD kana taneh, jeung dada maneh narik kana ieu pedati.”
Nya nepi ka ayeuna, sato nu kitu pandena the disebut KUDA.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

mudz2804