Rabu, 27 April 2011

MAUNG TETEP TEU BISA NAEK


Jaman baheula di hiji leuweung geledegan, di jero guha, aya Maung keur ngalungsar. Maung the sukuna pateuh, sabab katinggang ku tangkal kai. Dina wanci haneut moyan, Sakadang Maung teh nenjo Ucing ti kajauhan. Ucing teh katenjona keur ulin di hiji gunung, kalawan tapis pisan terekel ka ditu terekel kadieu luluncatan. Nenjo Sakdang Ucing petana kitu teh, Sakadang Maung hatena sirik.
“Emh, lamun aing bisa kawas Ucing, terekel kaditu terekel kadieu luluncatan, meureun loba meunang hakaneun teh.” gerentes hate Sakadang Maung.
Dina hatena, Sakadang Maung boga karep rek guguru ka Ucing, Manehna hayang bisa naek kawas Ucing, pinter luluncatan. Basa Ucing ngadeukeutan tempat Maung, gancang pisan menehna mapagkeun Ucing.
“Ki Silah, kuring panglatihkeun naek, kumaha carana ngintip, jeung newak musuh?” ceuk Sakadang Maung ngomongna daria daker.
Sakadang Ucing rada hemar-hemir rek narima Maung jadi muridna teh, lantaran inyana nyaho kana tabeat Maung. “Sakadang Maung, heg andika ditarima jadi murid kaula, tapi omat elmu ti kaula montong dipake adigung gede hulu jeung montong rek dipake ngabinasa ka sasama makhluk,” ceuk Sakadang Ucing.
Heg kaula jangji, Sakadang Ucing!” jawab Sakadang Maung daria jeung haget naker. “Lamun engke kaula jalir jangji, kaula sadia dihukum.” ceuk Sakadang Maung.
Sangges ningal kahagetan jeung niat Maung nu nembongkeun tabeat nu hade, isukna Ucing mimiti nurunkeun pangartina ka Sakadang Maung. Atuh Sakadang Maung kacida rajinna narima pangarti ti Sakadang Ucing teh. Kalawan teu sababaraha lilana, mun geus narima sababaraha pangarti ti ucing.
“Aha, ayeuna aing geus ngawasa sagala pangaweruh Ucing!” geretes hate maung bari ningali ka ucing. Sakadang Ucing teu nyahoeun yen Sakadang Maung boga hate goreng. Inyana boga sangkaan yen sipat Sakadang Maung geus robah. Ucing jongjon bae basa Sakadang Maung ngadeukeutan ka manehna.
“Haum! Ucing, tuh tingali ka luhur, siga aya makhluk!” ceuk Sakadang Mang. Bari menehna taki-taki rek ngerekeb ka Sakadang Ucing. Ningali talanjak Maung kitu, Sakadang Ucing rikat naek kana tangkal kai.
“He, Sakadang Maung, anjeun teu boga rasa rumasa. Boga hate goreng, aya kadua nganuhunkeun geus dibere pangarti. Untung kaula can ngajarkeun ka andika kumaha carana naek kana tangkal.” ceuk Sakadang Ucing.
Ngadenge caritaan Ucing kitu, Sakadang Maung kacida ambeukna. Maung beuki ambek basa ningali Ucing lumpat naek kana tangkal nu sejen. Kalawan hate nu handeul maung ngudag Ucing, leungiteun tapak.
Sakadang Ucing gura-giru ngajauhan meung indit ka tempat sejen. Tungtungna Maung nyorangan deui ka jero leuweung. Nu matak nepi ka ayeuna Maung mah teu bisaeun naek.

2 komentar:

mudz2804