Ti Sumedanglarang ka VOC
![]() |
Prajurit Mataram Vs Tentara VOC |
Sabada Karajaan Sunda nu paseur dayeuhna di Pakuan-Pajajaran (Bogor) runtag (1579/1580), di Pajajaran ngadeug Karajaan Galuh jeung Karajaan Sumedanglarang. Malah Sumedanglarang mah dianggap ahli waris Karajaan Sunda. Wewengkon Kabupaten Subang harita asup kana wilayah Karajaan Sumedanglarang nu puseur dayeuhna di Kutamaya.
Di Pagadean Ciasem, jeung Pamuhukan, Sumedanglarang ngabentuk pamarentahan kabupatian. Anu mimiti nyeke; kapala pamarentahan di Pagadean putra Putra Geusan Ulun, Rangga Nitinagara ti Ratu Harisbaya. Katurunan Rangga Nitinagara secara tradisi jadi Bupati Pagadean. Anu jdi Bupati Pamanukan jeung Ciasem oge masih kulawadet raja Sumedanglarang.
Taun 1620 Sumedanglarang serah bongkokan ka Mataram. Ku kituna Pagadean, Pamanukan, Ciasem jadi bawahan Mataram. Dipake jalanan ku prajurit Mataram nu rek ngarugrug VOC di Batavia ti Palabuan Tegal, pasukan Mataram ka Batavia make jalan darat, ngaliwatan Pamanukan, Ciasem jeung Karawang.
Harita psukan Mataram kasoram ku tentara VOC (1629), pasukanana loba niu tiwas jeung dihukum ku Sultan Agung. Sesa-sesa pasukan Mataram the milih mukim di wewengkon Pamanukan, Pagadean, Ciasem jeung Sabudeureunana.
Piken ngaleungitkeun identitasna, prajurit Mataram the ngubur pakarang panji-panji pasukan di hiji wewengkon nu saterusna eta wewengkon katelah ku ngaran Pasukaratu. Tacan jelas naha di Pasukaratu kungsi kapanggih pakakas perang jeung panji-panji atawa henteu. Pasukaratu saterusna jadi ngaran Kacamatan.
Sultan Agung teu kapoken ngagempur VOC di Batavia. keur nyadiakeun danareun prajuritna. Sultan Agung muka lahan sawah ti Pamanukan tepi ka Karawang, sanggeus memehna teu mampuh ngelehkeun tentara VOC nu samagreng ku pakarang modern.
Akhirna Mataram oge kudu taluk ka VOC, Daerah priangan jeung wewengkon Kabupaten Subang tepi ka Ci Punagara kudu jadi wilayah VOC. Memehna daerah kakawasaan VOC teh semet Citarum. VOC teu ngarobah pamarentahan di Pagadean, Ciasem, jeung di Pamaukan, angger dicekel ku para bupati.
Sumber Koran Radar.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
mudz2804